A. PENDAHULUAN
Dina Islam, aya khabar pangbibingah ti Allah swt keur sakumna umat anu ngagem agama Islam. Nyaeta tilu perkara, anu mana umpama seg sakumna Bani Adam maraot, tinangtos pegat sakabeh amalanana, anging tilu perkara ieu anu bakal langgeng turta nyalametkeun hiji jalma, sahingga digolongkeun ka ahli sawarga. Tilu perkara eta teh nyaeta : Shadaqoh Jariyah, Elmu anu mangfaat sareng anu katiluna nyaeta Palaputra anu Saroleh anu ngadu’akeun kanu janten sepuhna. (HR. Muslim).
Dina artikel ieu, bakal didugikeun ngenaan anu bakal nyalametkeun tina amalan manusa nu masih nyesa sareng masih ngalir nalika manusa pegat roh tina waragadna, nyaeta nomer katiluna; palaputra anu saroleh anu ngado’akeun kanu janten sepuhna. Pembahasana didugikeun ku Dr. K. H. Asep Zaenal Aushop., M. A, anu mana anjeuna masihan wejangan anu kacida endah turta manfaatna keur sakumna sepuh anu miharep kapunjulan palaputrana dina nyinghareupan “kompetisi Global” anu cakupana deket; nyaeta didunya, turta “kompetisi amal shaleh” keur bekel engke jaga di akherat, anu cakupana langgeng. Langkung tebih ti eta, wejangan anjena manfaat kanggo sing saha bae jalma anu miharep salamet dunya akherat ku jalan mekelan hirup “melak” palaputrana ku ajenan tauhid, syare’at sareng akhlaq.
Hal kadua anu ku anjena didugikeun teh nyaeta ngenaan persiapan calon putra anu bakal ngahias rumah tangga jaga, kujalan merhatikeun turta ngalayanan garwa ku laku anu hade; boh ceuk adat, aturan pon kitu deui numutkeun agama mah. Sarta hal anu katilu, nyaeta ngenaan system nilai Islam anu kedah janten “sibgoh” kanggo palaputrana khususna, sareng kanggo kulawarga umumna.
Pamungkas, saparantosna nyanggakeun pembahasan, pemakalah baris ngadugikeun kacindekanana, sangkan teu patos kabur atanapi ngabingungkeun anu maosna. Mugia naon anu dicutat ieu, ngagaduhan mangpirang-pirang mangfaat keur saha bae anu aya niat diajar sareng memeres hirup dina ngajalankeun agama Islam; teu kawates ku umur, tempat, atanapi kelas formal. Cag…

B. PEMBAHASAN

 Wuruk Murangkalih ku Nilai Islam
Tina sirah Rasulullah saw., urang kengeng mangpirang-pirang pangaweruh ngenaan ngawuruk murangkalih. Hiji poe ‘Umar mendakan Nabi saw., nuju ngorondang dina taneuh, dina waktos anu sami aya dua murangkalih alit naek luhureun tonggong anjeuna. ‘Umar cumarios, “jang, katawis sae tutumpakan anjeun teh”. Rasulullah saw., ngawaler, “katawis sae anu numpakanana”. Kaakraban Nabi saw sareng putuna ieu nguningakeun kacida geugeut pageuhna patali asih diantara aranjeuna.
Anu ngarana budak lain ngan saukur mangrupakeun amanat wungkul, namung langkung ti eta, nyaeta papaes pikeun nu janteun sepuhna. Budak kudu diurus kalayan kurasa deudeuh jeung asih. Hayu urang sami-sami regepkeun nasehat anu ditujukeun ku Al Ahnaf ka Mu’awiyah nalika anjeuna (Mu’awiyah) laku kasar kanu janten putrana, Al Ahnaf cumarita, “nun kanjeng amirul mu’minin, ari budak teh dijadikeun kembang buruan kanggo nu janten sepuhna, budak nu bakal jadi panerus cita-cita sepuhna, sarta budak nu bakal jadi cecekelan sepuhna engke jaga. Sepuhna lir ibarat langit anu sanaosna nangtayungan aranjeuna, turta taneuh tempat aranjeuna kasab, upama seg aranjeuna disorang ku rasa kakesel urang kedah bingah, upama aranjeuna aya merdih hiji perkara, pasihan, poma ulah sakali-kali nyangharepan aranjeuna ku laku anu kasar, boh bilih engke jaga aranjeuna teh teu miharep wujud aranjeun malah mandar nu dipiharep ku aranjeuna teh anjeun tilar dunya”.
Salaku anu janten sepuh, anu sakuduna urang teh sataker kebek ngusahakeun anu pang hade-hadena dina masihan rasa kadeudeuh sareng rasa welas asih ka aranjeuna. Anapon kitu, kumaha atuh ari sakedahna anu janten sepuh ngurus budak numutkeun aturan Islam? Nalika didongkapan dibumina dijalan Garunggang Bandung, Dr. K. H. Asep Zaenal Aushop, M. A. cumarios, “ ari budak mah taya lian ngan saukur titipan anu sakaligus oge lahan anu kedah digarap. Budak mibanda dua dimensi anu ulah dihare-harekeun. Nyaeta ‘dimensi jasmani’ sareng ‘dimensi ruhani’ . ari ‘dimensi jasmani’, nyaeta anu ngalingkup hirup jeung jagjag waringkasna awak. Anapon ‘dimensi ruhani’ atanapi ‘psikis spiritual’, nyaeta anu ngalingkup pangaweruh akal sareng ‘akhlakna’ “.
Numutkeun dosen agama Institut Teknologi Bandung ieu, ngatik ngadidik budak mah kedah tikawit aranjeuna milih-milih jodo. Hiji jalmi, malah mandar pameget mah kedah apik turta telik dina milih calon garwana. Naha? Kumargi aria nu janten indungna mah ngagaduhan “dominasi” anu langkung ageng batan carogena dina perkawis kahirupan eta budak. Tina DNA anu lebet kana rahim garwana, bapa ngan nyumbangkeun sajinis DNA wungkul, anapon indung mah nyumbangkeuna teh dua DNA.
Malah mandar, pa Asep nandeskeun yen ari nu janten bapa mah ngan saukur nyumbang “sperma”. Anapon anu janten indung mah, lain saukur narimana wungkul tatapina kedah ngagagandong salila salapan sasih. Dina mangsa kakandungan eta tangtos sadayana “komponen” anu aya dina lebet awak indung sapertos getih turta watek bakal mangaruhan kana “jiwa” budak. Nya kitu oge nalika eta budak gubrag ka alam dunya, ieu anu janten indung mah teu reureuh tina ngurus eta budak, nyaeta nyusuan salami dua taun. Beda jeng bapana, anu teu sariweuh indungna dina ngurus budak.
“Umpama indungna ‘saleh’ sementawis bapana baragajul, aya harepan kanggo budak pikeun jadi budak anu hade. Tatapina sabalikna, lamun mah seg bapana anu saleh sementawis indungna baragajul, tangtosna wae ageung harepan eta budak moal jauh beda ti indungna. Hal anu samodel kieu kajadian alatan pangaruh indung ka anak mah langkung ageung dugi ka tilu kalieun pangaruh bapana”, kitu tambih anjeuna. Sabari nyutat salah sahiji “hadits” nabi, “prak geura jauhan ku aranjeun istri anu geulis turta anu ngaracun”. Bapa Asep neraskeun cariosana, “urang teu tiasa malire tina hal anu nyata yen pangaruh bapa oge tangtosna aya, mung pangaruh bapa amah beda, teu sakuat pangaruh indungna”.
 Perhatikeun turta Layanan Garwa
Mibanda turunan anu hade tangtosna wae harepan urang sadaya. Alumni Doktor ti Universitas Islam Negri (UIN) Jakarta ieu, nandeskeun, nalika garwa nuju dina kaayaan hamil caroge kedah ngalayanan istri ku pangabdian anu panghade-hadena. Nyaeta ku tilu hal anu pangpunjulna : masihan “gizi” anu saimbang, ngajagi kaayaan manah garwa supados tetep “stabil”, sareng ngarojong sangkan garwa kersa “olahraga”. Anapon ngajagi sareng ngarawat kakandungan mah kedah numutkeun “holistik”, numawi teu cekap ku ngan saukur ngado’a.
Nalika putra gubrag ka alam dunya, pok ku urang ucapkeun kalimah lailahaillallah atanapi Alhamdulillah, anu mangrupikeun ngalarapkeun rasa syukur urang kanu Maha Kawasa nyaeta Allah swt. Teras nyusuan eta budak teh dikawitan ku maos basmalah turta sabari silih pelong panon indung sareng panon budak.

 System Nilai Islam
Dina mangsa “remaja”, sepuh kedah tiasa langkung “peka” merhatoskeun palaputrana. Pendidikan tangtosna kedah di arahkeun kana “system nilai” anu jelas, nyaeta “system Nilai Islam”. Kumargi didikan anu janten sepuh ka palaputrana gumantung kana system nilai anu dicekelna.
Palaputra kedah tos diwanohkeun kana urusan-urusan anu ngarugikeun sarenga patojaiyah jeng system nilai Islam, wuruk budak supados laku lampah anu hade “ nu namina ngadidik budak mah teu kedah ditenjo unggal detik, mung nu kaetang penting mah nyaeta kumaha cara “ngontrolnya”. Saur anjeuna.

C. KACINDEKAN

Saba’da urang merhatoskeun kana naon-naon anu didugikeun ku Dr. K. H. Asep Zaenal Aushop., M. A, ngenaan wejangan anu sakuduna diterapkeun kanggo palaputra, tinangtos ayeuna katawis ku urang sadaya yen nu disebat janten sepuh atanapi ngatik ngadidik palaputra teh hal anu teu kengeng dipalirekeun, bahkan eta anu bakal janten salah sahiji “aset” kanggo engke jaga di Yaumul Jaza, nyaeta anu bakal nyalametkeun urang dina mangsa menang giliran di itung-itung amalan urang salami jumeneng di alam dunya. Anapon kitu, aya sababaraha kacindekan anu tiasa dicandak ku urang tina pelajaran diluhur, kirang langkungna nyaeta :
1. Palaputra ngagaduhan dua “dimensi”; jasmani-rohani. Dua dimensi ieu pibekeleun jaga lamun mah seg disiapkeun atikan sareng didikana tebih ti anggalna keneh.
2. Kedah aya “komunikasi” antawis sepuh sareng palaputrana, malahmandar dina urusan ajenan/pendidikan
3. Kalebet “ngader” palaputra samangsa milih jodo, palaputra moal tebih cupatna tinu janten ibu ramana
4. Langkung ngajaga garwa dina mangsa kakandungan; boh “gizi jasmanai” atanapi “gizi rohani”
5. Ngawitan ku mangpirang-pirang bebeneran nalika palaputra gubrag ka lam dunya, sapertos masihan nami ku nami anu pang saena (sarenga sajumlah sunnah anu sanesna anu parantos dicontokeun ku kanjenga Nabi Muhammad saw ngenaan lahirna murangkalih)
6. Wuruk palaputra tikawit di ais ku system nilai Islam, aping palaputra dina mangsa pendidikana ku system nilai Islam, bombing palaputra dugi ka di ais kunu janten sepuhna ku system nilai Islam. Tong ngaraos bosen dina ngatik ngadidik palaputra. Anapon cara jeung eusi atikan -didikana mah, gumantung kondisi “fisik, fsikis” atanapi yuswa palaputra nyalira